Ngamumule Budaya Sunda
Assaiamuaiaikum Wr. Wb
Langkung tipayun simkuring
ngucapkeun puji syukur ka Allah SWT.Nya kukersa Allah pisan ,
urang tiasa patepung dina ieu riungan .
Simkuring oge ngahaturkeun nuhun ka panitia anu tos
masihan kasempatan .
Bapa miwah ibu anu bade ngaregepkeun biantara simkuring . Ayeuna
simkuring bade ngabantun tema “ Ngamumule Kandaga Budaya Sunda “Hayu urang
leunyeupan sareng titenan dina kahirupan urang sadidinten kiwari seueur
pisan tongtonan luar nagara anu dipikaresep ku budak ngora , anu sepuh oge sami
“” Jati Kasilih Ku Junti “teu mirosea kana seni budaya urang . Naon cenah ari
budaya teh ? Ceuk emutan simkuring budaya teh hiji kamonesan atanapi
kaparigelan boh dina seni atawa kaolahan , tangtos ibu bapa tumaros naha
kadaharan make lebet kana budaya ? Urang ngabantun conto combro , misro , asmun
,beuleum sampeu ditambah parud kalapa gegetuk namina
Moal aya di Amerika mah iwal ti Obama meureun apaleun
pedah kungsi di Indonesia .Tah kadaharan
nu kitu tehku budak jaman ayeuna mah geus teu dilieuk
– lieuk acan majar teh nu kitu mah kadaharan kolot . Tapi ari ningali chiki ,
qitella ,slondok mani paheula – heula , padahal mah lamun heug ku urang
dititenan bahanna tina sampeu –sampeu keneh bae bedana dibungkus ku plastik
gambaran sarta dijualna di toko- toko .
Bapa
miwah ibu anu ku simkuring dipihormat !
Saleresna dina widang kasenian oge urang teh kalintang bengharna ,urang
Sunda gaduh seni
Jaipongan ,celempungan , reog , wayang golek , kuda
renggong jeung nu sanesna deui. Budak ngora ayeuna mah sok ngaleos upama
ngadangu jentrengna sora kacapi , ngerelikna sora suling , basana teh kop nu
kitu mah keur nu huisan . Abdi mah resep ka musik brang –breng –brong bari
jeung nu ngawihna buukna galondrong. Lamun ku urang dileunyeupan jentrengna
sora kacapi , ngerelikna sora suling kabawa ku angin peuting hawar –hawar lagu
Cianjuran matak nyeureup kana hate sumarabah kana bayah .
Bapa
miwah ibu anu ku simkuring dipihormat !
Simkuring ngalamun ka alam katukang dina
taun dalapan puluhan anu pangkakoncarana teh hiburan wayang golek . Dimana –
mana lamun hajatan nikahkeun atapi sunatan hiburanna teh sok nanggap wayang
golek . Jaman harita mah aya istilah gongclo nyaeta landihan ka jalma nu sok
getol lalajo anu hartina di mana aya sora goong disada manehna langsung
nyongclo.
Bapa
miwah ibu anu ku simkuring dipihormat !
Barudak ayeuna lamun ditanya saha ari nakula , sadewa , arjuana tangtos
moal apaleun ,maranehna leuwih apal ka tokoh ultramen , supermen , narutojeung
nu sanesna deui . Jaman harita mah saking seringna nongton wayang seueur
barudak nu kaedanan ku tokoh pawayangan maranehna ngulik nyieun wawayangananu
sirahna ku siki jambu mede , awakna tina tamiang jeung bajuna tina laalmakananu
menang mulungan ti tukang ngaput . Tapi ayeuna siki jambu mede geus dijual ka
perusahaan silver queen anu dihijikeun jeung coklat anu matak nyeri huntu.Tah
kabudayaan eta teh hampir sirna ku kamajuan jaman jeung teknologi . Ayeuna
Pamarentah jeung ahli budaya usaha satekah polah ngawangun sanggar- sanggar
kasenian pikeun ngamumule seni budaya utamana di tatar Sunda . Piraku ari urang
deungeun mikaresep kana budaya sunda , ari urang nu bogana make teu resep teu
reueus ku budaya sorangan . Ayeuna simkuring bade umajak ka sadayana hayu
uarang ngamumule budaya sunda , budaya urang sarerea .
Wargi
sadaya sakitu nu kapihatur tina tarahal ,garihal ,teu kena undak usuk basana
simkuring nuhunkeun dihapunten . Urang Jepang bisa ngieun pedang urang ge
reueus bisa ngieun gobang , tong mangmang tong hariwang si sule ge bodor sunda
bisa hirup senang ,Meuli cau ka Balaganjar jalanna ka Jatisura .Hayu urang sing
saladar ngamumule budaya Sunda.
Wassalamualaikum Wr. Wb.
0 komentar:
Posting Komentar